Beginilah kondisi kaki saya sekarang, banyak uban eh bulunya bin bengkak karena main badminton senin kemarin hihihi..
Arsip Tag: oon
Kaki Bengkak
Ditulis dalam Jeprat jepret foto
Bodoran Sunda: Perasaan Hungkul
Okheng (dibonceng): “Nay, heup nay! Heup!”,
Onnay (ngebonceng): “Aya naon??”,
Okheng: “Hayang ng*mpol euy!”,
Onnay: “Ah..itumah perasaan hungkul, engke oge leungit”,
Okheng: “Atulah nay!!!”,
Onnay: “Ah..perasaan meureun, engke oge leungit.”,
Sanggeus 5 menit,
Onnay: “Aduh..celana basah euy kheng, cing pangninggalikeun!”,
Okheng: “Ah..itumah perasaan hungkul, engke oge leungit”.
#PerasaanHungkul
Ditulis dalam Bodor sunda
Bodoran Sunda: “Si Oon jeung Poe Kiamat”
Dihiji kelas SD guru keur nerangkeun poe kiamat.
Ceuk guruna “barudak tah dina poe kiamat teh engke gunung gunung cing jalegur diadu laut bakal bahe..”
Can tamat nerangkeun cung teh si Oon ngacung. “Tumaros pa gruru? ari engke pas poe kiamat sakola libur teu?”
“atuh nya… heueuuuuh Ooooooon pan modaaaaaaaaaarrrrr kabeh ge”
(guruna ambek dina hate)
Ditulis dalam Bodor sunda
Detergen kanggo ucing
“Meser Rinso mang, dua…” Budak umur opat taunan ngarana Oon ka tukang warung.
“Rinso keur naon ujang, mani sadua-dua?” Tukang warung tumanya.
“Kanggo ngamandian ucing mang…” jawab si Oon.
“Baruk?! montong jang, tong ngamandian ucing ku Rinso! Paeh geura ucingna.” tukang warung mepelingan bari teu burung ngasongkeun Rinso ka eta budak.
Dua poe tiharita si Oon ka warung deui.
“Kumaha jang ucing teh?” tanya si tukang warung.
“Paeh mang…!” cek si Oon semu ngalengis.
“Tuh ceuk emang oge, ucing mah montong dimandian ku Rinso, pasti paeh.”
“Ah…tapi da jigana mah sanes alasan Rinso paehna teh mang, mesin cucina muihna tarik teuing mang…”
Ditulis dalam Bodor sunda
Teguh pendirian atau ????
Onnay: “kheng, terus teranglah ka urang!!”
Okheng: “mbung ah isin”
Onnay: “Yeee..ya sutra..”
Okheng: “nya engges we..”
#teguh pendirian.. -______-”
Ditulis dalam Curhat sendiri





Komentar terakhir