
Alhamdulillah hari ini makan bareng sama keluarga di Ampera. Mau?
Tempatku berbagi, tertawa, dan bersenang-senang.

Alhamdulillah hari ini makan bareng sama keluarga di Ampera. Mau?
Posted in Family, Jeprat jepret foto
Dihiji kelas SD guru keur nerangkeun poe kiamat.
Ceuk guruna “barudak tah dina poe kiamat teh engke gunung gunung cing jalegur diadu laut bakal bahe..”
Can tamat nerangkeun cung teh si Oon ngacung. “Tumaros pa gruru? ari engke pas poe kiamat sakola libur teu?”
“atuh nya… heueuuuuh Ooooooon pan modaaaaaaaaaarrrrr kabeh ge”
(guruna ambek dina hate)
Posted in Bodor sunda
“Meser Rinso mang, dua…” Budak umur opat taunan ngarana Oon ka tukang warung.
“Rinso keur naon ujang, mani sadua-dua?” Tukang warung tumanya.
“Kanggo ngamandian ucing mang…” jawab si Oon.
“Baruk?! montong jang, tong ngamandian ucing ku Rinso! Paeh geura ucingna.” tukang warung mepelingan bari teu burung ngasongkeun Rinso ka eta budak.
Dua poe tiharita si Oon ka warung deui.
“Kumaha jang ucing teh?” tanya si tukang warung.
“Paeh mang…!” cek si Oon semu ngalengis.
“Tuh ceuk emang oge, ucing mah montong dimandian ku Rinso, pasti paeh.”
“Ah…tapi da jigana mah sanes alasan Rinso paehna teh mang, mesin cucina muihna tarik teuing mang…”
Posted in Bodor sunda
Dua lalaki keur ngobrolkeun masalah rumah tanggana. Lalaki nu hiji kabeneran keur pasea jeung pamajikanana.
Lalaki 1: “Yeuh, lamun anjeun pasea jeung pamajikan, tembongkeun yen anjeun teh lalaki sajati. Tong daek eleh ku ngaran pamajikan!”
Lalaki 2: “Puguh atuh kuduna kitu! Eta mah basa keur kamari pasea, pamajikan nepi ngorondang ka hareupeun kuring….”
Lalaki 1: “Tah kitu atuh alus! Terus naon dilakukeun ku pamajikan maneh?”
Lalaki 2: “Pamajikan kuring ngorondang nepi kadongko-dongko bari ngorehan ku sapu, terus ngomong: Kaluar siah ti kolong ranjang lamun maneh heueuh wani pasea jeung aing! ”
Lalaki 1: &$@&*!!??
Posted in Bodor sunda
Si Oon kakara boga motor. can wanieun jauh tumpakna oge, da di ajar keneh. Harita oge keur geugeuleuyeungan, ngurilingan alun-alun.
“Ulah haben dina gigi hiji wae atuh On. Operkeun kana gigi dua!!” ceuk si duyeh.
“Ah.. ilaing mah sok ngaborongkeun! Naha make dioper kana gigi dua, pan gigi hiji oge kuateun keneh!!” tembal si Oon.
Posted in Bodor sunda
Komentar lain